Asal Usul Pandeglang Versi Legenda

Oleh Rizky Eka Fitriansyah

Jaman baheula aya hiji putri, kakasihna Nyi Putri Grayati, calikna di sisi walungan Cilemer. Unggal peuting upama caang bulan, Nyi Putri sok ngadon ngebak ka talaga Cilampungan, nu caina herang ngagenclang.

Sakali mangsa keur jongjon Nyi Putri ngebak, ujug-ujug reup poek mongkleng butarajin, teu katembong curuk-curuk acan,bulan kahalangan ku mega hideung. Nyi Putri ngaraos heneg lain dikieuna. Keur jongjon ngahuleng, kecemplung aya buah kai murag ka pajuneunana, rupana koneng, herang lir emas sinangling. Nyi Putri beuki kacida hemengeunana, manahna ngadak-ngadak ratug. Keur kitu ngong aya sora tan katingalan, miwarang putri nuang eta buah kai.
Nyi Putri hemar-hemir, ewed salebeting manah, ditumutkeun kumaha, teu ditumutkeun kumaha; tapi tungtungna mah teu baha, buah teh dicandak teras dituang. Barang geus seep ujug-ujug bray aya cahaya ngagebray. Katingalieun ku Nyi Putri dina eta cahaya aya nonoman neuteup ka anyeunna bari ngayak imut. Ngan sakeudeung tembongna eta cahaya teh, les leungit deui. Nyi Putri ngahuleng ngemut-ngemut kayadian anu sakitu ahengna. Bulan caang deui, ngempray saperti tadi. Geus kitu anyeunnamulih. Heuleut sawatara lilana ti harita Nyi Putri bobot, sarta barang geus datang kana mangsana brol babar, putrana kembar, pameget duanana, kasep teu aya tandingna jeung sarupa deuih. Nyi Putri deudeuh asih pisan ka putra kembarna; dina manahna geus teu sak deui, anu katingali ku anjeunna dina cahaya bareto teh ramana eta murangkalih ti bangsa dewa.

Para putrana kacida lingsigna, sarta beuki ageung beuki kasep. Sakali mangsa Nyi Putri amengan ka talaga Cilampungan, putrana duanana dicandak. Kabeneran aya manuk eunteup dina dahan kai, opat ngarendeng; nu dua galede, nu dua deui laleutik. Kataringalieun ku murangkalih tea, tuluy ditaroskeun ka ibuna. Ku ibuna dicarioskeun, jen eta manuk teh, nu galede indung-bapana, ari nu laleutik anakna. Para putra sasauran naros: ,,Manuk oge geuning barogaeun indung bapa; ari abdi duaan ngan boga indung wungkul. Di mana ari bapa abdi? Upami parantos pupus, di mana kuburanana,upami jumeneng keneh, naha tara sumping ka urang?” Nyi Putri Grayati nyeblak manah ngadangu piunyuk para putrana kitu teh, cisocana nyalangkrung. Saurna: ,,Deudeuh teuing anaking, bapa Ujang mah saumur-umur oge moal papanggih jeung Ujang, lantaran lain bangsa manusa tapi bangsa dewa di Kaindraan.”

Para putra beuki panasaran bae ngadangu kasauran ibuna kitu teh, harita keneh duanana arunyukan, nyuhunkeun diwidian, bade jengkar milari ramana ka Kaindraan. Nyi Putri Grayati teu kinten ewedeunana, kieu kumaha-kitu kumaha, da puguh kagalih ku anjeunna oge, pantes eta murangkalih kacida paralayeunana patepang jeung ramana, lantaran ti barang gubrag ka dunya teu acan naringali rupa ramana. Ari diwidian kumaha, da anjeunna sakitu abotna, moal kiat paturay lami-lami.Tungtungna nya diupahan bae putrana teh bari disanggeman, yen anyeunna bade mujas-medi, neda-neda ka Batara Guru, supaya aranjeunna ditepangkeun jeung ramana.

Nepi kana waktuna nu mustari, dek Nyi Putri ngawitan muja, meruhkeun napsu nahan amarah, meleng nu diangen-angen. Dina hiji peuting Nyi Putri ngimpen, yen rama murangkalih teh geus lungsur ka dunya, ngarupakeun lauk anu kacida gedena; ayana di walungan Cilemer. Subuh-subuh keneh Nyi Putri miwarang putrana, newak eta lauk.Di walungan Cilemer para putra Nyi Grayati, tiasa newak lauk nu kacida gedena, lauk teh ngomong, pokna: ,,Ujang, ieu teh bapa maraneh. Ayeuna buru-buru bawa ka ema.” Para putra kacida kageteunana, ngadarangu lauk ngomong. Teu talangke deui tuluy eta lauk dicarandak dipintonkeun ka ibuna. Barang jol ka pajuneun Nyi Putri,janggelek lauk teh jadi nonoman, kasep gandang taya tanding, anggoan singsarwa endah. Nyi Putri calik, cong nyembah, ngahormat nu nembe sumping. Ti semet harita duanana teu papisah deui, ka cai jadi saleuwi, ka darat jadi salebak, runtut raut, silih pikadeudeuh silih pikaasih, riung mungpulung jeung para putra.

Kacaritakeun para putrana sanggeus ageung beuki katembong bae cahayana, kasep ngala ka ramana. Ari dina hiji poe duanana arunjukan ka ibu-rama, nyuhunkeun diwidian bade guguru elmu ka Kutatambaga di Banten-Girang. Sanayan ibu-ramana kacida aboteunana oge, da puguh biasana nu geus ahir baleg kudu nyiar pangarti.Teu kacatur mangsa guguru di Kutatambagana, kocapkeun sanggeus beres nyiar pangarti nampi pangaweruh para putra Nyi Grayati mulang ka lumburna di sisi walungan Cilemer. Barang sumping kacida heremengeunana, reh urut pakuwon iburamana bareto teh ajeuna jadi leuweung gerotan, jiga nu tacan pisan kasorang ku jalma.

Dilebah urut bumi ibuna, bet aya mariem ngarendeng dua handapeun tangkal kai.Manahna teu sak deui yen eta mariem teh kajajaden ibu-ramana. Ngenes ngangresna geus lain caritakeuneun. Ti harita ngung ngeng beja, nyaliara ka sakuliah nagara, jen aya tukang ngala suluh nu manggihan mariem sapasang di leuweung sisi walungan Cilemer.Lila ti lila kaemper-emper ka Sultan. Teras Sultan ngadawuhan mawa eta mariem ka Banten-Girang, tapi teu aya nu bisa mawa, teu kaongget-onggetkeun acan, dumeh kacida beuratna. Tidinya Sultan ngadegkeun saembara, saha-saha nu bisa mawa eta mariem duanana ka karaton, baris direndengankeun ka putri, putra Sultan nu ngan hijihijina,sarta baris diserenan nagara sabeulah ti wetan.Ahirna jol aya jajaka sumping ka dinya. Eta teh salah saurang putra Nyi Putri Grayati tea.

Anjeunna tiasa nyandak dua mariem, dipanggul bade disanggakeun ka Sultan. Barang geus meunang satengah poe angkatna, reg liren di tengah-tengah leuweung, bade ngareureuhkeun kacape, ari mariem ditunda di dinya dihandapeun tangkal kadu. Kawasna mariem teh embungeun ditunda di dinya, der bae ngamuk ngababukan tatangkalan, rereana tangkal kadu; nepi ka bungbang, taya tangkal anu ngari. Lebah dinya nelah nepi ka kiwari disarebut ,,Kadubungbang”.Geus kitu eta mariem ku anjeunna dicandak, teras panggul deui. Pasosorena jol sumping ka imah Panday, disuku Gunung Karang. Anjeunna mundut ngarereb di dinya sarta mundut dipanggeulangankeun mariem tea duanana, ambeh gampang ngajingjing. Isukna bral deui neraskeun lalampahanana, sarta salamet sumping ka karaton Sultan di Banten-Girang. Mariemna ku Sultan ditampi, lain dikieuna bae Sultan bingaheunana. Harita keneh nonoman teh direndengankeun ka Nyi Putri, putra Sultan, sarta dijungjung lungguh kana Bupati Jakarta, sakumaha perjangjian tea.

Mariem nu hiji dicandak ka Jakarta, nya nu ajeuna disebut si Jagur tea, nu sok diparunjung, dipuja-puja, dianggap karamat. Ari nu hiji deui ayana di Karangantu,kampung Pamayangan sisi Cibanten. Minangka pangeling-ngeling ka Ki Panday nu mangnyieunkeun geulang pangjingjingan mariem tea, urut lemburna dingaranan,,Panday Gelang”, kaajeunakeun jadi Pandeglang, dipalar gampang nyebutna.Kitu ringkesna sasakalana Pandeglang teh. Wallahu’alam bi’shawab.

Artikel ini ngambil dari CintaPandeglang.com

0 komentar

Posting Komentar